Saturday, 3 November 2018

HARTI DENOTATIF JEUNG KONOTATIF

Harti Denotatif jeung harti Konotatif
Harti denotatif nyaeta hiji kecap  harti anu sabenerna, sedengkeun harti konotatif nyaeta hiji kecap nu ngandung harti kiasan

conto:
1. Maman turun tina mobil di  hareupeun imahna,
2. Harga sayuran di pasar ayeuna keur turun sabab keur usumhuja.

dina kalimah ka hiji kecap turun, ngandung harti anu sabenerna, nyaeta gerakan ti luhur ka handap,
kecap turun dina kalimah nu kadua harga na hartina jadi murah


Saturday, 22 September 2018

Pangalaman Endah jeung Manehna

Hiji Mangsa.....sabara taun ka tukang
Mangsa hirup jeung manehna....
Saperti biasa kuring mah purah di titah ngetik
Geus peting pisan harta teh...
pagawean can beres
tidituna mah hideng meureun...
Manehna : yang ayang bade ngopi
Kuring : bade
Manehna : ke atuh urang pang damelkeun
Kuring : alhamdulillah Abah bageur pisan
teu lila torojol manehna mawa kopi sagelas, tuluy diasongkeun ka kuring, bari nyarita "yang raosan we bisi kirang gula kin urang gulaan deui cenah,
lalaunan ku kuring ditampanan tuluy suruput diuyup......ABAHHH naha geuning kopina asin.....
(kuring ngajorowok)
(sihoreng teh manehna salah ngasupkeun kuduna gula karah uyah)
Hampura Yang......Abah salah.....ceuk manehna bari teu eureun-eureun seri.....
wilujeng wayah kieu para wargi