Wednesday, 24 December 2014

Gaya Bahasa Ngaumpamakeun (Simile)

Nyaeta gaya Bahasa ngaumpamakeun sifat atawa kalakuan jalma ku barang sejen,
conto:
1. Manehna mah jeung dulur teh kawas ucing jeung anjing
    Kawas ucing jeung anjing hartina teu akur, ngan pasea bae
2. Bakat ku ambek, beungetna lir beusi atah beuleum,
    Lir beusi atah beuleum hartina beureum bakat ku ambek
3. Angkeut neng meli mah lir endog sapotong;
    Lir endog sapotong hartina lencop jiga endog
4. Basa mimiti kaluar ti pasantren, Ari jiga kuda leupas ti gedogan,
    Jiga kuda leupas ti gedogan hartina abur-aburan, ulin na jauh

Saturday, 13 December 2014

Gaya Basa Eufimisme (Rautan)

Nyaeta, gaya basa nu digunakeun ku cara ngalemeskeun caritaan , tujuan nana pikeun ngahargaan jalma nu diajak nyarita atawa anu dicaritakeun.

Conto:
-  Bu, permios abdi bade ka pengker heula (ka cai/wc)
-  Dupi tuang ibu teh teu damang emutan? (gelo)
-  Leres tuang putra mah sesah nampi pangajaran (bodo)
-  Bumi mang Abeh mh kirang sae (butut)
-  Pun Aki mah tos kirang Ngadangu (bonge)
-  rumaos, pangambung pun anak mah kirang mancung (pengek)

Friday, 12 December 2014

Silabus Bahasa dan Budaya Sunda



1.     Pengertian dan Ruang Lingkup Bahasa dan Budaya Sunda
2.     Sejarah Sunda
3.      Tinjauan Filosofi, Mitologi, Etimologi dan Semasiologi KataSunda.
4.     Ciri-Ciri Manusia dan Budaya Sunda.
5.     Falsafah dan Pandangan Hidup Orang Sunda.
6.     Sistem Kekerabatan dan Kemasyarakatan Orang Sunda.
7.     Kehidupan Keagamaan Orang Sunda.
8.      Kepercayaan dan Sistem Pengetahuan Orang Sunda
9.     Pusparagam Kebudayaan Sunda.
10. Peranan Bahasa dan Budaya Sunda dalam Kebudayaan Indonesia.
11. Idiomatika Bahasa dan Adat Istiadat Sunda.
12. Undak Usuk Bahasa Sunda.
13. Ketrampilan Berbahasa Sunda.

Wednesday, 10 December 2014

UJANG

UJANG

Hiji Waktu Ka imah Pa Hakim,  di Jalan cibeureum-cimindi, datang natamu hiji pemuda sederhana. Assalaamu’alaikum....., assalaamu’alikum...
Wa’alaikum salaam.... (norojol Pa Hakim)
Ooh Aya tamu, mangga kalebet... saur pa hakim .
Si Pemuda .... bapak nepangkeun wasta abdi Ujang, bade nyungkeun tulung ka Bapa!!!
Oh aya naon ujang teh (ceuk pa hakim so akrab), pa hakim abdi bade cerai sareng pun bojo, hoyong dibantos kedah kumaha ya?
Pa Hakim, ke ku bapa dibantu,  ujang rek ngaleueut, si ibu kabenaran teu aya, pembantu keur balik, nyandak nyalira we nya jang!!!
Oh muhun pa... wios teu kedah ngarepotkeun, abdi nyandak nyalira wae .... bapa bade ngaleueut naon? Pang ngadamelkeun kopi we nya jang bapa mah.

Ti saprak dibantu ku pa hakim jeung ujang akrab pisan, ujang remen pisan ka imah pa hakim, ampir tiap poe, pa hakim ge geus teu asa-asa ka ujang teh, tutah-titah ujang na ge daekan deuih.

Sabaraha bulan  geus kaliwat , ayeuna mah  ujang geus tara ka imah pa hakim deui, da geus beres perkarana ge,  teuing ka mana da teu aya raratan nana. Pa hakim ge jigana geus poho eta ka ujang,
Kacarioskeun putra pa hakim kuliah di hiji Universitas ternama di Bandung, namina sebut wae neng Mawar, Mawar dipanggil ka rektorat ka bagean Purek kemahasiswaan, aya naon nya...ceuk mawar bingung, tapi buru-buru we manehna nepangan. Bade aya naon pa Prof... ceuk mawar, mawar putrana pa Hakim nu di Cibeuruem sanes muhun pa, mawar kengeng bea siswa, teras dugikeun salam baktos ka tusng rama ti Bapa,  ooh hatur nuhun prof.. ceuk mawar.

Di imah mawar hariweusweus, apa mawar kengeng bea siswa..., teras deui hatur salam ti prof Ujang, apa kenal? Ah henteu... ceuk pa hakim.  Tapi ari eneng kengeng bea siswa mah ke apa rek ngahaturkeun nuhun langsung ka profesor saha? Profesor ujang pa. Meni henteu keren.

Gancang carita, pa hakim ngadeuheus ka prof ujang barang paamprok kaget pisan pa hakim sihoreng prof ujang teh si ujang nu baheula ditulungan jeung sok dittah-titah ku pa hakim, pa hakim jadi rada isin. Nuhun profesor kana kasaean nana. Ah pa hakim da neng mawar mahpinter atuh, saur profesor.



BUDAK LALAMUNAN



BUDAK LALAMUNANImas téh budak awéwé rumaja manéhna boga karesep kana unga ingu sasatoan. Ari nu ayeuna keur dikukutna nyaéta hayam. Teu loba hayamna mah, ngan saukur sajodo, tapi éta hayam téh geus mimiti ngendog.
Hiji poé, isuk-isuk kénéh Imas geus ngaroris kandang hayamna. Ana belenyeh téh manéhna imut aya sapuluh siki endog nu gugulitikan di gigireun si bikang. Eta endog ku Imas dicokotan, terus diwadahan kana boboko buntung.
Éta boboko buntung ku Imas dikékélék terus dibawa leumpang mapay jalan Désa maksudna éta endog-endog téh rék dijual ka warungna ma Ecih. Disatengahing perjalanan  Imas eureun heula. Gék Imas diuk dihandapeun tangkal Caringin téa. Ari Bobokona diécagkeun tur ditunda dinatunjangeun sukuna.
Angin leutik ngahiliwir nebak kana awak Imas. Teu kanyahoan Imas téh Ujug-ujug lenggut-leunggut weh nundutan. Imas mimiti ngumbar lamunan “Bagja teuing diri Kuring”  gerentes haténa. “Késang badag késang leutik dina miara si kukut téh ayeuna geus bukti hasilna si kukut geu méré endog nu sakieu baradagna. Ah hanjakal maké kudu dijual. Coba lamun dipegarkeun mah tangtu bakal ngahasilkeun anu leuwih mucekil. Kuring yakin, sakabéh endog téh bakal megar bakal jadi anak hayam  nu lalucu. Bakal séhat-séhat tur marontok.
Éta anak hayam téh bakal diurus  dihadé-hadé. Rék dipiara di dama-dama, sapuluh siki rék dijadikeun bibit deui . nu sejena rek dijual. Duitna rek dibeulikeun kana domba sajodo, mon geus anakan loba rék dijual, duitna rék dibeulikeun kana munding sajodo, éta munding rék dipiara deui, mun geus loba rék dijual. Hasilna rék dibeulikeun kana mobil.
Det…..det……det…… Asik, kuring nyupiran. Gampang geuning. Ukur tinggal muih-muikeun setir jeng nincak gas, éit aya budak nu meuntas tin….tin…tin…. sora klakson ku kuring dipencét, dasar budak, meuntas téh teu rarat-reret heula, untung erémna pakem”.
Imas ngajejekeun sukuna, maksudna rék nincak erém, satarikna, Ngan orokaya, nu dijejekna lain erem tapi endog saboboko. Barang sadar……. Imas colohok endogna peupeus kabéh.

Disalin tina buku Lantera Basa, Pangajaran Basa Sunda Pikeun SMP, Kls VII


Saturday, 6 December 2014

Si KUEF

CEUK SAHA URANG SUNDA TEU BISA NYEBUT "F"

Ieu Carita kuring keur budak, biasa mun pasosore sok ulin di buruan jeung babaturan, ucing-ucingan, oray-orayan, gartrik jeung sajabana....

Keur resep ulin katinggali loba jelema di Bumina Wa Adang, cenah mah aya nu ngontrak, tuluy weh kuring jeung babaturan nyampeurkeun... nu kakarak pindah... aya budak awewe gwulis pisan ukuran kuring mah jigana pindahan ti kota meureun da beda gayana jeung kuring, wanter, jeung lincah.

Hey ... kenalan yu... ceuk manehna, hayu ceuk kuring jeung babaturan, Farah.... ceuk budak anyar bari ngasongkeun leungeun na atuh ahirna kuring ulin jeung si Farah.

Geus cape ulin, kuring balik ka imah, ema nuju nyanghunjar lambar di tepas bari ngobrol sareng Bapa,
kuring hariweusweus: , ema-bapa nembe eneng kenalan, sareng saha neng? (ema) sareng nu ngontrak enggal di bumi Wa Popon, namina Farah, ...

Ema... : Parah jiga nugering wae Parah, ceuk ema

Jiga teteh ngadengekeun ti pajuarannana,

Teteh : Farah ma....,
Ema   : enya Parah...
Teteh : sanes ma, Ku "F"

ema Rada bendu: ih ari barudak sok ngalilieur cenah Parah cenah KUEF, mana nu bener Si Parah atawa KUEF, saur ema kesel,...!!

Tinggal kuring colohok bingung .... kumaha ngajelaskeun ka ema.