BUDAK LALAMUNANImas téh budak
awéwé rumaja manéhna boga karesep kana unga ingu sasatoan. Ari nu ayeuna keur
dikukutna nyaéta hayam. Teu loba hayamna mah, ngan saukur sajodo, tapi éta
hayam téh geus mimiti ngendog.
Hiji poé,
isuk-isuk kénéh Imas geus ngaroris kandang hayamna. Ana belenyeh téh manéhna
imut aya sapuluh siki endog nu gugulitikan di gigireun si bikang. Eta endog ku
Imas dicokotan, terus diwadahan kana boboko buntung.
Éta boboko buntung ku Imas dikékélék terus dibawa leumpang mapay
jalan Désa maksudna éta endog-endog téh rék dijual ka warungna ma Ecih.
Disatengahing perjalanan Imas eureun
heula. Gék Imas diuk dihandapeun tangkal Caringin téa. Ari Bobokona diécagkeun
tur ditunda dinatunjangeun sukuna.
Angin leutik ngahiliwir nebak kana awak Imas. Teu kanyahoan Imas téh
Ujug-ujug lenggut-leunggut weh nundutan. Imas mimiti ngumbar lamunan “Bagja
teuing diri Kuring” gerentes haténa. “Késang
badag késang leutik dina miara si kukut téh ayeuna geus bukti hasilna si kukut
geu méré endog nu sakieu baradagna. Ah hanjakal maké kudu dijual. Coba lamun
dipegarkeun mah tangtu bakal ngahasilkeun anu leuwih mucekil. Kuring yakin,
sakabéh endog téh bakal megar bakal jadi anak hayam nu lalucu. Bakal séhat-séhat tur marontok.
Éta anak hayam téh bakal diurus
dihadé-hadé. Rék dipiara di dama-dama, sapuluh siki rék dijadikeun bibit
deui . nu sejena rek dijual. Duitna rek dibeulikeun kana domba sajodo, mon geus
anakan loba rék dijual, duitna rék dibeulikeun kana munding sajodo, éta munding
rék dipiara deui, mun geus loba rék dijual. Hasilna rék dibeulikeun kana mobil.
Det…..det……det…… Asik, kuring nyupiran. Gampang geuning. Ukur
tinggal muih-muikeun setir jeng nincak gas, éit aya budak nu meuntas
tin….tin…tin…. sora klakson ku kuring dipencét, dasar budak, meuntas téh teu
rarat-reret heula, untung erémna pakem”.
Imas ngajejekeun sukuna, maksudna rék nincak erém, satarikna, Ngan
orokaya, nu dijejekna lain erem tapi endog saboboko. Barang sadar……. Imas
colohok endogna peupeus kabéh.
Disalin tina buku Lantera Basa, Pangajaran Basa Sunda Pikeun SMP, Kls VII
No comments:
Post a Comment