UJANG
Hiji Waktu Ka imah Pa Hakim, di Jalan cibeureum-cimindi, datang natamu hiji
pemuda sederhana. Assalaamu’alaikum....., assalaamu’alikum...
Wa’alaikum salaam.... (norojol Pa Hakim)
Ooh Aya tamu, mangga kalebet... saur pa hakim .
Si Pemuda .... bapak nepangkeun wasta abdi Ujang, bade
nyungkeun tulung ka Bapa!!!
Oh aya naon ujang teh (ceuk pa hakim so akrab), pa hakim
abdi bade cerai sareng pun bojo, hoyong dibantos kedah kumaha ya?
Pa Hakim, ke ku bapa dibantu, ujang rek ngaleueut, si ibu kabenaran teu aya,
pembantu keur balik, nyandak nyalira we nya jang!!!
Oh muhun pa... wios teu kedah ngarepotkeun, abdi nyandak
nyalira wae .... bapa bade ngaleueut naon? Pang ngadamelkeun kopi we nya jang
bapa mah.
Ti saprak dibantu ku pa hakim jeung ujang akrab pisan, ujang
remen pisan ka imah pa hakim, ampir tiap poe, pa hakim ge geus teu asa-asa ka
ujang teh, tutah-titah ujang na ge daekan deuih.
Sabaraha bulan geus
kaliwat , ayeuna mah ujang geus tara ka
imah pa hakim deui, da geus beres perkarana ge, teuing ka mana da teu aya raratan nana. Pa
hakim ge jigana geus poho eta ka ujang,
Kacarioskeun putra pa hakim kuliah di hiji Universitas
ternama di Bandung, namina sebut wae neng Mawar, Mawar dipanggil ka rektorat ka
bagean Purek kemahasiswaan, aya naon nya...ceuk mawar bingung, tapi buru-buru
we manehna nepangan. Bade aya naon pa Prof... ceuk mawar, mawar putrana pa
Hakim nu di Cibeuruem sanes muhun pa, mawar kengeng bea siswa, teras dugikeun
salam baktos ka tusng rama ti Bapa, ooh
hatur nuhun prof.. ceuk mawar.
Di imah mawar hariweusweus, apa mawar kengeng bea siswa...,
teras deui hatur salam ti prof Ujang, apa kenal? Ah henteu... ceuk pa
hakim. Tapi ari eneng kengeng bea siswa
mah ke apa rek ngahaturkeun nuhun langsung ka profesor saha? Profesor ujang pa.
Meni henteu keren.
Gancang carita, pa hakim ngadeuheus ka prof ujang barang
paamprok kaget pisan pa hakim sihoreng prof ujang teh si ujang nu baheula
ditulungan jeung sok dittah-titah ku pa hakim, pa hakim jadi rada isin. Nuhun
profesor kana kasaean nana. Ah pa hakim da neng mawar mahpinter atuh, saur
profesor.
No comments:
Post a Comment