Sunday, 11 January 2015

Kecap Rajekan

Kecap rajekan nyaeta kecap anu diulang sabagian atawa sabagian. Kecap rajekan aya lima rupa, nyaeta:


  1. Kecap rajekan dwipurwa, nyaeta kecap rajekan anu diwangun ku cara  nyebutkeun dua kali suku kecap (enggang) nu mimiti, conto: 
  • ciciduh, tatajong, sesepak, teteke, teuteunggel, popoean, iimaham, sisirikan jeung sajabana.
2. Kecap Rajekan dwi murni, nyaeta kecap rajekan anu diwangun ku ngulang sagemblengna eta kecap.
 conto :  Meja-meja, korsi-korsi, kolot-kolot, budak-budak

3. Kecap rajekan dwi madya, nyaeta kecap rajekan, di wangun ku cara ngulang enggang nu aya di tengah-tengah, conto:
sababaraha, sajungjungeun, sahoshoseun, saamameun, sabrolbroleun.

4. Kecap rajekan dwireka, nyaeta kecap rajekan nu diwangun ku cara ngulang kecap sagemblengna tur robah sorana, conto: pungak-pinguk, rungkag rengkog, bubat-babet, luntang-lantung, balucat-balicet.

5. Kecap rajekan Trilingga, nyaeta kecap nu diulang tilu kali, tur ngarobah sorana, conto:
par-per-por, dag-dig-dug, bra-bri-bru, brat-bret-brot.

No comments:

Post a Comment