Cakra (x) aksara a, b, c atau d nu aya di
hareupeun jawaban nu bener !
1.
AYA HIJI TUKANG BÉCA
(ku : Dédy Windyagiri)
Tutas sarapan sa aya-aya
Ngaboséh béca mapay urat-urat kota
Demi sahuapeun,
Sakopeun
Panas morérét
Hujan ngagebrét
Jalan leucir, jalan garicul,
Disorang dipaju,
Nu ngarang sajak diluhur nyaéta:
a.
|
Tukang béca
|
c.
|
Dédy Windyagiri
|
|
|
|
|
b.
|
Dény Windyagiri
|
d.
|
Dédy Windyajatmika
|
2.
Nulis sajak béda jeung nulis prosa, sabab nulis sajak
mah dipasieup ku kecap nu disebut :
a.
|
Puisi
|
c.
|
lancaran
|
|
|
|
|
b.
|
Diksi
|
d.
|
prosa
|
3.
Kecap-kecap pinilih anu ngandung harti jembar jeung
beunghar ku silib siloka dina sajak atawa puisi disebut:
a.
|
Puisi
|
c.
|
lancaran
|
|
|
|
|
b.
|
Diksi
|
d.
|
prosa
|
4.
Sajak nu ngagambarkeun perjuangan hiji jelema nu mulasara kana lingkunganana nyaéta sajak anu judulna:
a.
|
Paménta nu pang akhirna
|
c.
|
Aya Hiji Tukang Béca
|
|
|
|
|
b.
|
Aki Uki Jeung Mahoni
|
d.
|
Miéling Poé Kamerdékaan
|
5.
Kecap ” morérét” dina sajak diluhur (no.1) hartina:
a.
|
Hujan ngagebrét
|
c.
|
Wanci sareupna
|
|
|
|
|
b.
|
Panas poé mentrang mentring
|
d.
|
Wanci sariak layung
|
6.
Nu lain Sinonim kecap Sadrah :
a.
|
éling
|
c.
|
pasrah
|
|
|
|
|
b.
|
inget
|
d.
|
Nyiar kipayah
|
7.
Tugas Kolot nitah ngalakukeun hal nu hadé jeung ……………
ngalakukeun nu goréng:
a.
|
Miwarang
|
c.
|
Nugaskeun
|
|
|
|
|
b.
|
nyaram
|
d.
|
ngeritik
|
8.
Tah reungeukeun ………………….. ditakol di pos kamling
a.
|
Locéng
|
c.
|
kendang
|
|
|
|
|
b.
|
bedug
|
d.
|
Kohkol
|
9.
Geus waktu
…………………… yeuh, geura ngarampih ka kamar masing-masing
a.
|
Coréncang tihang
|
c.
|
Sareureuh budak
|
|
|
|
|
b.
|
Haneut moyan
|
d.
|
Pecat sawed
|
10.
Tong …………………….. teuing atuh hudang téh, pan isuk-isuk
rék indit ka sakola.
a.
|
Subuh
|
c.
|
Beurang
|
|
|
|
|
b.
|
soré
|
d.
|
Janari leutik
|
11.
Si Dodo mah jeung dulur téh kawas ……………………………… tiap
papanggih ngan paséa wé
a.
|
Cai dina daun taleus
|
c.
|
Bueuk meunang mabuk
|
|
|
|
|
b.
|
Kuda leupas ti gedogan
|
d.
|
Gaang katincak
|
12.
Bakat ku ambek ka si Jalu, beunget si udin lir
……………………………………
a.
|
Emas sinangling
|
c.
|
Bulan kabeurangan
|
|
|
|
|
b.
|
Kapuk kaibunan
|
d.
|
Beusi atah beuleum
|
13.
Kalimah nu ngagunakeun gaya bahasa ngaumpamakeun/similé
nyaéta:
a.
|
Manéhna ngan tungkul baé ti tadi teh
|
c.
|
Ti barang bapana kawin deui, Néng Meli
jiga kuda
leupas ti gedogan waé.
|
|
|
|
|
b.
|
Saha nu ceurik jejeritan téh ?
|
d.
|
Si Dorna keur mapanas dua pihak nu teu
akur
|
14.
Di alun-alun Parungpanjang rék aya grup Band Ungu nu ngahibur masyarakat,
atuh ti isuk keneh jalma-jalma geus balawiri kawas ……………………..
a.
|
toéd
|
c.
|
Kebo mulih pakandangan
|
|
|
|
|
b.
|
Ucing nyanding paisan
|
d.
|
Siraru jadi
|
15.
Tong sok ulin wanci ………………………….sieun sandékala.
a.
|
Janari leutik
|
c.
|
Sareupna
|
|
|
|
|
b.
|
manceran
|
d.
|
Tunggang gunung
|
16.
Biografi nyaéta: …………..
a.
|
Tulisan nu nyaritakeun riwayat hiji jalma
|
c.
|
Tulisan nu nyaritakeun riwayat hiji
daerah
|
|
|
|
|
b.
|
Tulisan nu nyaritakeun riwayat diri sorangan
|
d.
|
Tulisan nu nyaritakeun riwayat
para nabi
|
17.
Haji Koko Koswara, nénéhna Mang Koko, lahir di
Kecamatan Indiang Tasikmalaya, Ramana Ibrahim alias Sumarta, anjeuna aya teureh
ti sultan Banten. Anjeuna Kagungan putra 8 diantawisna Tatang Benyamin
Koswara sareng Ida Rosida.
Tulisan di luhur mangrupakeun saeutik tina
perjalanan hirup jeung riwayat hirup
Mang Koko, anu disebut:
a.
|
Oto Biografi
|
c.
|
Biografi
|
|
|
|
|
b.
|
pupuhu
|
d.
|
Pangajén
|
18.
Basa ulangan IPA Si Marwan kawas ………………………….., da
peutingna nonton Tolay teu sempet ngapalkeun .
a.
|
Birit sééng
|
c.
|
Ucing tutung buntut
|
|
|
|
|
b.
|
Bujur aseupan
|
d.
|
Bueuk meunang mabuk
|
19.
Abong budak leutik, kawas …………………………………diuk na teh teu
bisaeun cicing.
a.
|
Nangeuy endog bebereumna
|
c.
|
Anjing kadémpét lincar
|
|
|
|
|
b.
|
Birit sééng
|
d.
|
Bujur aseupan
|
20.
Lahir di Kabupatén Indramayu, 12 April 1969, Ramana H.
Warta, anjeuna kagungan putra 3, anjeuna kalebet jalmu anu patuh kana agama, ageung
wawanénna sareng jalmi nu tekun jeung percaya diri.
Anjeuna lulusan ti Universitas kaséhatan nu aya di Bandung, saparontos lulus
kuliah anjeuna di tugaskeun prakték di Parungpanjang di klinik kagungan Alm Hj
Ratu Tuti. Salejengna anjeuna bubuara di Parungpanjang.
Cing ku hidep tebak biografi saha eta téh?
a.
|
Ibu Hj. Sunni Tsuroya
|
c.
|
Ibu Sukaésih
|
|
|
|
|
b.
|
Ibu Bidan Cahyati
|
d.
|
Pa Yani
|
21.
Kolot baheula gé teu ………………….. kuramas, tapi rajin,
sok sanajan tara maké sampo tapi maké taneuh da jaman harita mah can aya sampo
a.
|
Ngedul
|
c.
|
Tanghian
|
|
|
|
|
b.
|
tanginas
|
d.
|
Percéka
|
22.
Éta budak meni lampar ulinna, lir …………………….
a.
|
Kacang ninggang gajang
|
c.
|
Kuda lepas ti gedogan
|
|
|
|
|
b.
|
Jelér kasaatan
|
d.
|
Gang katincak
|
23.
Bapa nuju tuang Abdi hoyong ………………..
a.
|
tuang
|
c.
|
neda
|
|
|
|
|
b.
|
dahar
|
d.
|
ngakan
|
24.
Si Udin keur saré, ibu nuju …………..
a.
|
Bobo
|
c.
|
saré
|
|
|
|
|
b.
|
Kulem
|
d.
|
tibra
|
25.
Lamun jalma anu bawél loba omongna, biasana disebut
jiga ……………………………..
a.
|
Endog sapotong
|
c.
|
Cai jeung
minyak
|
|
|
|
|
b.
|
toéd
|
d.
|
Jelér kasaatan
|
26.
Aki-aki kundang iteuk
Mipir gawir sisi leuwi
Melak sarupaning kai
Aya suriah jeung mindi
…………………………………………
a.
|
Geus ka sungsi ajén-ajén diri
|
c.
|
Ulah longsor ngagolosor
|
|
|
|
|
b.
|
Panon poé nyulusup
|
d.
|
Lolobana mah mahoni
|
27.
Mun urang mindeng nulis, kaparigelan nulis téh bakal
kaasah, béda deui jeung nu ……… nulis
a.
|
Remen
|
c.
|
Langka
|
|
|
|
|
b.
|
rajin
|
d.
|
rutin
|
28.
Para Pulitisi sok remen parebut korsi.
Korsi dina kalimah dilurur hartina
a.
|
Tempat diuk
|
c.
|
pigawéeun
|
|
|
|
|
b.
|
jabatan
|
d.
|
Jualeun
|
29.
Di pilemburan aya keneh indung beurang nu sok mantuan
ngalahirkeun.
Indung beurang hartina:
a.
|
Bidan
|
c.
|
Suster
|
|
|
|
|
b.
|
Perawat
|
d.
|
Paraji
|
30.
Nu kurang cocog
dituliskeun dina biografi tokoh perjuangan nyaéta:
a.
|
Tempat jeung waktu lahirna
|
c.
|
Ngaran indung bapana
|
|
|
|
|
b.
|
Perjoangan hirupna
|
d.
|
Kabogoh jeung babaturanana
|
Éssay:
1. Tulis
conto kalimat nu ngagunakeun istilah waktu :
a)
Coréngcang tihang;
b)
Manceran;
c)
Haneut moyan
2. Hartikeun
kalimat:
a)
Lir cai dina daun taleus
b)
Kawas bueuk beunang mabuk
c)
Kawas gang katincak
3. Naon
ari nu disebut gaya bahasa similé ? naon cirri-cirina ?
4. Tulis
2 conto kalimat nu ngagunakeun gaya bahasa similé
5. Jieun
hiji sajak tema bebas, paling saeutik
dua bait.
No comments:
Post a Comment